Minggu, 18 Agustus 2013

Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir", anu ngandung harti ucapan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Kusabab kitu, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan.

Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dibagi kana tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih, (2) piwuruk, jeung (3) sésébréd.

Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari lobana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

conto:

Rincik rincang rincik rincang,
Cai entéh dina cuntang.
Sidik pisan sidik pisan,
Nyai téh bogoh ka akang.

Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun.
Mun bogoh ulah ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

1. Paparikan Silih Asih

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.

conto :

Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh nikah jeung batur.

Lain bangban lain pacing,
Lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna.

2. Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat.

conto :

Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

3. Paparikan Sésébréd

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik).

conto :

Daun hiris dibeungkeutan,
Dibawa ka jero leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangeun dibéré duit.

Rarakitan

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.

conto :

Mihapé sisir jeung minyak,
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
Kadé kaangsonan deungeun.

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.

1. Rarakitan Silih Asih

Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.

conto :

Lieuk leuweung lieuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa.
Liek deungeun lieuk lain,
Jauh ka indung ka bapa.

Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.

2. Rarakitan Piwuruk

Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat.

conto :

Sing getol nginum jamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

3. Rarakitan Sesebred

Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik).

conto :

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

conto :

Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut.
hartina : Simeut

Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi.
hartina : Oray

Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang.
hartina : Hayam

Aya nu dianjing cai, aya anu dihéroan.
hartina : Séro

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.
hartina : Kéjo


)|( B )|(


Tidak ada komentar:

Mangga komentarna