Paribasa nyaéta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah boh unina atawa tempatna, jeung teu bisa dilemeskeun, anu ngandung harti injeuman, babandingan, atawa silokaning hirup manusa.
Contona :
- Adat kakurung ku iga tabéat anu geus hésé dirobah.
- Adéan ku kuda beureum ginding ku pakéan beunang nginjeum.
- Agul ku payung butut agul ku turunan
- Awéwé dulang tinandé istri mah kudu nurut ka salaki.
- Batok bulu eusi madu siga bodo padahal pinter.
- Beungeut nyanghareup ati mungkir ucapan teu sarua jeung haté.
- Biwir nyiru rombengeun resep nyaritakeun kagoréngan batur.
- Bodo kawas kebo bodo kacida
- Buruk buruk papan jati goreng-goreng ogé dulur sorangan, moal ngantep lamun meunang kasusah.
- Dagang oncom rancatan emas ngalakukeun hal anu teu saimbang
- Deukeut-deukeut anak taleus deukeut tapi euweuh nu nyahoeun.
- Dihin pinasti anyar pinanggih takdir geus ditangtukeun ku Allah.
- Gedé gunung pananggeuhan boga andelan dulur beunghar
- Goong nabeuh manéh ngagulkeun atawa muji diri sorangan.
- Hadé gogog hadé tagog sopan santun hadé tatakramana
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoé kahadéan anu mangtaun-taun leungit ku sakali kagoréngan.
- Hulu gundul dihihidan nu keur untung tambah untung.
- Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak sauyunan
- Katempuhan buntut maung batur nu boga dosana, urang nu katempuhannana.
- Kawas bueuk meunang mabuk ngeluk taya tangan pangawasa.
- Kokoro manggih mulud sarakah makmak mekmek.
- Kudu bisa ngeuret neundeun kudu apik dina nyekel harta banda ngarah boga bekel
- Kudu bodo alewoh lamun teu nyaho kudu daék tatanya
- Landung kandungan laer aisan gedé hampurana, gedé tinimbangannana.
- Lauk buruk milu mijah marok, marokeun manéh.
- Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, gedé tinimbangan.
- Loba luang jeung daluang loba pangalaman jeung pangaweruhna.
- Meungpeun carang ku ayakan api-api teu nyaho padahal nyaho.
- Nété tarajé nincak hambalan puguh tahapannana lamun migawé hiji pagawéan.
- Omong harus batan goong béja teu gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat batan aslina.
- Paheuyeuk-heuyeuk leungeun silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.
- Sakecap kadua gobang gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.
- Tamiang meulit ka bitis malindes ka diri sorangan.
Tidak ada komentar:
Mangga komentarna