Kamis, 29 Agustus 2013

R4BIA

Dina bahasa Arab, Rabi’ah/arba’ah hartosna nyaeta Opat (4).Rab’ah (angka 4) dijantenkeun simbol kapancegan hate , kakuatan , perlawanan, sareng persatuan kangge sakuliah alam dunya anu mikaresep kana kebebasan, bebas tina kadholiman penguasa anu sawenang-wenang.


Simbol atanapi logo R4BIA diluncurkeun ku Perdana Menteri Turki, Recep Tayip Erdogan ti kawit dinten saptu kaping 17 Agustus 2013 anu mangrupikeun simbol kecaman ka junta militer mesir anu geus mateni rebuan rahayat mesir anu pro ka Persiden Muhammad Moursi, anu kajantenan dina dinten Juma'ah sareng Saptu di Ramses Square sareng Masjid Fatih nu dikepung tentara junta pingpinan Jendral As Sisi.


Tujuan simbol R4BIA ieu diangge ku pendukung Persiden Muhammad Moursi mangrupikeun tawis solidaritas sareng kapedulian kana naon anu kajantenan di Mesir, sareng tiasa oge dijantenkeun simbol kangge ngageuing kasadaran masarakat umum ngeunaan krisis kamanusaan anu kajantenan di Mesir waktos ayeuna.


)|( B )|(


Tidak ada komentar:

Mangga komentarna