Dina bahasa Arab, Rabi’ah/arba’ah hartosna nyaeta Opat
(4).Rab’ah (angka 4) dijantenkeun simbol kapancegan hate , kakuatan ,
perlawanan, sareng persatuan kangge sakuliah alam dunya anu mikaresep kana
kebebasan, bebas tina kadholiman penguasa anu sawenang-wenang.
Simbol atanapi logo R4BIA diluncurkeun ku Perdana Menteri
Turki, Recep Tayip Erdogan ti kawit dinten saptu kaping 17 Agustus 2013 anu
mangrupikeun simbol kecaman ka junta militer mesir anu geus mateni rebuan
rahayat mesir anu pro ka Persiden Muhammad Moursi, anu kajantenan dina dinten
Juma'ah sareng Saptu di Ramses Square sareng Masjid Fatih nu dikepung tentara
junta pingpinan Jendral As Sisi.
Tujuan simbol R4BIA ieu diangge ku pendukung Persiden
Muhammad Moursi mangrupikeun tawis solidaritas sareng kapedulian kana naon anu
kajantenan di Mesir, sareng tiasa oge dijantenkeun simbol kangge ngageuing
kasadaran masarakat umum ngeunaan krisis kamanusaan anu kajantenan di Mesir
waktos ayeuna.
)|( B )|(