Jumat, 23 Agustus 2013

Paribasa

Paribasa nyaéta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah boh unina atawa tempatna, jeung teu bisa dilemeskeun, anu ngandung harti injeuman, babandingan, atawa silokaning hirup manusa.

Contona :

  • Adat kakurung ku iga tabéat anu geus hésé dirobah.
  • Adéan ku kuda beureum ginding ku pakéan beunang nginjeum.
  • Agul ku payung butut agul ku turunan
  • Awéwé dulang tinandé istri mah kudu nurut ka salaki.
  • Batok bulu eusi madu siga bodo padahal pinter.
  • Beungeut nyanghareup ati mungkir ucapan teu sarua jeung haté.
  • Biwir nyiru rombengeun resep nyaritakeun kagoréngan batur.
  • Bodo kawas kebo bodo kacida
  • Buruk buruk papan jati goreng-goreng ogé dulur sorangan, moal ngantep lamun meunang kasusah.
  • Dagang oncom rancatan emas ngalakukeun hal anu teu saimbang
  • Deukeut-deukeut anak taleus deukeut tapi euweuh nu nyahoeun.
  • Dihin pinasti anyar pinanggih takdir geus ditangtukeun ku Allah.
  • Gedé gunung pananggeuhan boga andelan dulur beunghar
  • Goong nabeuh manéh ngagulkeun atawa muji diri sorangan.
  • Hadé gogog hadé tagog sopan santun hadé tatakramana
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoé kahadéan anu mangtaun-taun leungit ku sakali kagoréngan.
  • Hulu gundul dihihidan nu keur untung tambah untung.
  • Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak sauyunan
  • Katempuhan buntut maung batur nu boga dosana, urang nu katempuhannana.
  • Kawas bueuk meunang mabuk ngeluk taya tangan pangawasa.
  • Kokoro manggih mulud sarakah makmak mekmek.
  • Kudu bisa ngeuret neundeun kudu apik dina nyekel harta banda ngarah boga bekel
  • Kudu bodo alewoh lamun teu nyaho kudu daék tatanya
  • Landung kandungan laer aisan gedé hampurana, gedé tinimbangannana.
  • Lauk buruk milu mijah marok, marokeun manéh.
  • Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, gedé tinimbangan.
  • Loba luang jeung daluang loba pangalaman jeung pangaweruhna.
  • Meungpeun carang ku ayakan api-api teu nyaho padahal nyaho.
  • Nété tarajé nincak hambalan puguh tahapannana lamun migawé hiji pagawéan.
  • Omong harus batan goong béja teu gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat batan aslina.
  • Paheuyeuk-heuyeuk leungeun silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.
  • Sakecap kadua gobang gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.
  • Tamiang meulit ka bitis malindes ka diri sorangan.


)|( B )|(


Minggu, 18 Agustus 2013

Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.


A

  • Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing (Korma)
  • Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan (Pisin)
  • Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (Asu)
  • Aya nu dianjing cai, aya anu dihéroan (Séro)
B
  • Balandongan ngujur jalan, sok hayang los baé indit (Elos)
  • Baréto gé batu pirus, juragan geuning pelekik (Akik)
  • Béas ditutuan deui, iraha bisa patepung (Tipung)
  • Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi (Oray)
  • Béndi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (Karéta)
  • Béntang baranang di imah, samar bisa tepang deui (Damar)
  • Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali (Ali)
  • Beuying leutik simkuring mah, ari ras sok cimataan (Amismata)
  • Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (Roti)
  • Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin (Pitu)
  • Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (Halis)
C
  • Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipa mokaha (Toké)
  • Careuh beureum pasawahan, tur dusun leuwih ti misti (Lasun)
  • Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (Cariu)
  • Catetan bulan jeung taun, engkang mah ménak utami (Almenak)
  • Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (Panglay)
  • Cinyusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing (Mantéga)
D
  • Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim (Elim/Lém)
  • Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (Kararas)
  • Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray)
E
  • Ekék lembut pupuntiran, tingsérédét kana ati (Séréndét)
  • Engkang téh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (Lamun)
  • Estu dipalupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (Bilik)
G
  • Gagang atah keur lumayung, engkang  mah jelema ginding (Gumading)
  • Gedong luhur panénjoan, narah keur saheulaanan (Munara)
  • Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (Kapal)
  • Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (Rumah Sakit)
  • Gunting pameulahan jebug, kacipta baé ku ati (Kacip)
H
  • Hayam Cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati (Meri)
  • Hayam sawah dipiara, abong nu apes ka diri (Meri)
J
  • Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagéa sumping (Emping)
  • Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (Cara)
  • Jukut jangkung sisi gunung, haté engkang panas peurih (Eurih)
K
  • Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati (Kacang Gamet)
  • Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (Jaat)
  • Kadeuleu langgir caina, kayap keyep anu geulis (Keuyeup)
  • Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (Cocodot)
  • Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (Barangbang)
  • Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (Solasih)
  • Kembang biru munggeng kubur, mugi engkang welas asih (Solasih)
  • Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (Jeruk)
  • Kendang gedé pakauman, dag dig dug rasaning ati (Bedug)
  • Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (Korang)
  • Kuring téh kamenyan konéng, rumaos kawiwirangan (Walirang)
  • Kutu baju kuar sinjang, moal weléh tumarima (Tuma)
L
  • Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi (Bangbara)
  • Lampu tilu damar dua, moal ngarancabang pikir (Lampu Cabang)
  • Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna (Keuyeup)
  • Lauk panjang dina parung, ari émut merod pikir (Bérod)
M
  • Manuk beureum saba eurih, haté asa didudutan (Manuk Dudut)
  • Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik (Galatik)
  • Manuk renggé saba ulam, sok komo lamun geus jadi (Caladi)
  • Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (Puyuh)
  • Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (Pasaran)
  • Mencek leutik saba alas, abdi sanggem ngarencangan (Peucang)
  • Méong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (Ucing)
  • Monyét hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (Lutung)
  • Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (Surabi)
  • Mun yaktos mangsi malayu, anjeun teh cinta ka kuring (Tinta)
N
  • Ngan bati ngajahé leuweung, nya pikir puyang-payengan (Lampuyang)
  • Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting (Papanting)
  • Nyiru gedé wadah bangsal, engkang mah sok sindir sampir (Tampir)
P
  • Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (Kecap)
  • Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (Tulis)
  • Péso petok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing (Kujang)
  • Peuteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (Petir)
  • Piring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (Bahas)
  • Puguh gé ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (Kina)
  • Puter putih saba lembur, engkang seja béla pati (Japati)
R
  • Rebab jangkung di pandopo, nalangsa lebeting galih (Tarawangsa)
  • Rérégan sabudeur imah, kasangsara siang wengi (Kasang)
  • Ruas awi dirorékan, pikir asa selang seling (Suling)
S
  • Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (Alun Alun)
  • Senggal hideung saba ranca, témbong léléwa nu manis (Lélé)
  • Sieun teu kapancar-kawung, kabiruyungan ku eulis (Ruyung)
  • Sieun teu kauntun tipung, sieun teu kalaksanakeun (Laksa)
  • Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ku abdi (Papatong)
  • Sok matak kapiring leutik, matak isin diri kuring (Pisin)
  • Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (Curuluk)
  • Sok reueus nu ngéjo atah, reueus jadi ménak sugih (Gigih)
T
  • Tangkal paré parungpungan, kudu ka pada utami (Jarami)
  • Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut (Simeut)
  • Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang (Hayam)
  • Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (Sasagon)
  • Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah (Kulah)
  • Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (Kejo)
  • Teu puguh monyét hideungna, asa teu puguh tungtungna (Lutung)


)|( B )|(


Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir", anu ngandung harti ucapan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Kusabab kitu, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan.

Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dibagi kana tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih, (2) piwuruk, jeung (3) sésébréd.

Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari lobana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

conto:

Rincik rincang rincik rincang,
Cai entéh dina cuntang.
Sidik pisan sidik pisan,
Nyai téh bogoh ka akang.

Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun.
Mun bogoh ulah ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

1. Paparikan Silih Asih

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.

conto :

Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh nikah jeung batur.

Lain bangban lain pacing,
Lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna.

2. Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat.

conto :

Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

3. Paparikan Sésébréd

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik).

conto :

Daun hiris dibeungkeutan,
Dibawa ka jero leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangeun dibéré duit.

Rarakitan

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.

conto :

Mihapé sisir jeung minyak,
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
Kadé kaangsonan deungeun.

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.

1. Rarakitan Silih Asih

Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.

conto :

Lieuk leuweung lieuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa.
Liek deungeun lieuk lain,
Jauh ka indung ka bapa.

Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.

2. Rarakitan Piwuruk

Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat.

conto :

Sing getol nginum jamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

3. Rarakitan Sesebred

Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik).

conto :

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

conto :

Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut.
hartina : Simeut

Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi.
hartina : Oray

Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang.
hartina : Hayam

Aya nu dianjing cai, aya anu dihéroan.
hartina : Séro

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.
hartina : Kéjo


)|( B )|(


Kamis, 15 Agustus 2013

Muqadimah

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

kalayan 'aosan بسم الله الرحمن الرحيم , dina dinten ieu, kemis 15 agustus 2013, sim abdi ngawitan posting dina blog Sasieureun Sabeunyeureun, mugia mangpaat kanggé sadayana. أمين.

hatur nuhun.

والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

)|( B )|(